English French German Spain Italian Dutch Russian Portuguese Japanese Korean Arabic Chinese Simplified
ingin mendapatkan SMS TAUHIID setiap hari => Ketik : DAFTAR#NAMA#KOTA contoh : DAFTAR#ADI#BDG kirim ke 0821-303030-38 / 0878-2525-2626 <= GRATIS terima SMS TAUHIID setiap hari, insyaAlloh. . .。

Ngalanggengkeun Ukhuwah Islamiyah


Salah sahiji pasualan umat jaman kiwari nu kudu jadi perhatian jeung dikungkulan ku urang sarerea kalawan daria nyaeta pasualan UKHUWAH ISLAMIYAH, mangrupa akhlak Islam nu jadi tatapakan nu kawilang penting pikeun masarakat Islam saba'dana tauhid (ngaesakeun Alloh).


Ukhuwah atawa tataliwarga eta mangrupa ciri pangwangunan jeun nu pangraket penting tina kasatuan jeng persatuan umat. Salian ti eta tataliwarga oge mangsupa prasarat penting dina ngajanggelekkeun harkat jeung martabat oge kakuatan sakaligus ngarupakeun syarat pikeun ngahontal kasuksesan jeung kameunangan umat Islam. Ukhuwah jeung tataliwarga eta wasilah utama pikeun IZZUL ISLAM WAL MUSLIMIN, jalan pangdeukeutna pikeun meunang pangampura katut Ridlo Alloh Swt.
Nu jadi cukang regas tur anggangna tataliwarga ieu diantarana tahap kaelmuan jeung kakayaan diantara urang sarerea. Perbedaan ijtihad, pamahaman, pamanggih jeung pamadegan oge sakapeung jadi cukang pikeun nganteurkeun urang kana kurang dalitna hubungan diantara urang nu antukna ngaganggu kana tataliwarga urang sadaya.
Hakekatna eta kabeh aya dina jiwa jeung mental urang nu can bisa sagemblengna tur daria dina enggoning ngalaksanakeun ajaran Islam ngenaan tataliwarga. Pidawuh Alloh,
"Jeung mumin katut muminat, sabagian ti maranehna nulungan nu sabagianana deui. Mareneuhna nitah ngajurung milampah ma'ruf jeung milampah munkar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat, jeung taat ka Alloh, katut ka Rosul-Na. Maranehna teh ku Alloh baris dipaparin rohmat, karana Alloh teh Maha Gagah tur Maha Wijaksana". (QS Attaubah : 71)
Dina hiji hadits Rosululloh SAW maparin hiji gambaran nu kalintang endah, dina ngalarapkeun tataliwarga, sakumaha dawuhanana,
"Misilna jalma-jalma mumin jeung mumin sejenna dina silih pikanyaah, pikaheman teh lir ibarat hiji awak, upama salah sahiji anggahota awak aya nu nyeri, mangka anggahota nu sejenna oge milu muriang". (HR Bukhori-Muslim)
Sagala rupi nu didawuhkeun ku Rosululloh SAW eta lain sauukur papaes pidato jeung kelir omongan wungkul, tapi memang geus dibuktikeun tur dipraktekkeun dina kahirupan anjeunna katut para sahabatna sapopoeuna.
Dawuhan Rosululloh SAW eta mangrupa gambaran tina masarakat nu diwangun ku anjeunna waktu harita, nu tangtuna oge kudu jadi kanyataan dina masarakat Islam kiwari.
Kalintang endahna tataliwarga nu diwangun ku Rosululloh SAW katut para sahabatna baheula. Maranehna parantos bisa nyingraykeun rereged PANATISME GOLONGAN jeung ASAL KETURUNAN.
Beda palebah harta pakaya teu matak ngajadikeun maranehna konplik sosial, teu matak pindah pileumpangeun, sombong alatan harta jeung pakaya oge iri dengki pedah nu sejen boga harta pakaya. Padahal maranehna ngahiji jeung ngabeungkeut dina wangunan ukhuwah ieu mibanda kasang tukang pemahaman, pendapat, sosial ekonomi jeung watek katut tempreman nu rupa-rupa. Ukhuwah lain dina harti kudu sapamadegan dina sagala urusan. Kitu deui lain kudu ngahiji dina hiji wadah organisasi, boh ormas atawa pulitik, oge lain kudu sarua rasa jeung rata dina widang ekonomi jeung kakayaan.

Sumber : Dr. KH. Miftah Faridl, Da'wah Lain Saukur Ceramah, Wedalan Bina Dakwah : 2008.

Share |

0 komentar:

Posting Komentar

kritik dan saran diterima

Silahkan berkomentar. . .

 
Unduh Adobe Flash player
 
© Copyright by mediaHATI| Template by Blogger Templates